Kapamingpinan rosululloh saw nya éta kapamingpinan nt dumasar kana tauhid, ditungtun ku wahyu, jeung dilatih dina kahirupan sapopoé. Kapamingpinan nu dipikacinta ku sahabat-sahabatna jeung dipikasèrab ku musuh-musuhna. Ciri-ciri kapamingpinan rosululloh saw lengkep pisan tur sampurna nu mibanda sipat keteladanan, istikomah, demokratis, bijaksana, jeung sabar. Sagala paripolah rosululloh saw dina kahirupan sapopoé pinuh ku rasa kakulawargaan, sopan santun, silih-asih nu ngahudangkeun rasa kataji pikeun para sahabatna kitu deui pikeun musuh-musuhna. Upami rosululloh saw dongkap ka hiji gempungao, rosul pasti ngucapkeun salam nu diwaler ku para sahabat bari ngararadeg. Kabiasaan kitu tèh ku rosululloh saw diwagel ku lantaran cara samodél kitu téh adat kabiasaan urang pérsia dina ngahormat pamingpinna. Saterasna rosul sasauran, " darajat jeung hak-hak anjeun sarua jeung kami, sarua mahluk alloh swt " rosululloh dioa mingpin umatna miboga sipat kuat nyekel kayakinan tur teguh dina pamadegan. Rosul dina ngada'wahkeun saréat islan tèh teu dipikaresep ku golongan musyrikin qurés pingpinan abu lahab. Manehna ngadatangn abu tolib sangkao ngolo alona pikeun ngeureunkeun da'wahna. Abu tholib nepikeuo naon-naön nu dipikahayang ku kaom musrikio kurès ka rösululloh saw, rosululloh saw ngawaler: "paman, upamana maranèhannana bisa nyimpen panon poé dina leungeun katuhu kami jeung bulan dina leungeun kénca kami, pasti kami moal eureun tina pancén suci, pasti kami moal eureun, nepi ka alloh swt méré bantuan ka kami atawa kami maot ku lantaran-Na" rosululloh saw lain pamingpin di kantor jeung otoritér, tapi mibanda sipat demokratis. Dina mutuskeun sagala perkara rosululloh saw sok ngamusyawarahkeun heula jeung para sahabatna. Dina perang badar rosululloh saw nempatkeun sabagian tentara di hiji tempat nu nurutkeuo pamadegan hubal al-anshari éta tèh salah, ku lantaran bisa ngarugikeun pihak islam. Hubal tumaros ka rosul " ya rosululloh nempatkeun tentara kitu téh dumasar kana wahyu antanapi heunteu?" Rosululloh ngawaler, "nempatkeun tentara kitu téh dumasar kana itungan kami soraogan." sarantos diwaler kitu tèh hubal al-anshari ngajéntrékeun kalemahan-kalemahana. Rosululloh saw nampi kana saran sahabatna, salajengna posisi tentara téh dirobah, naon-naon nu dicaritakeun diluhur mangrupa sabagian leutik tina ciri-ciri kapamingpinan rosululloh saw, jadi mèmang leres rosululloh pamingpin dimuka bumi ieu nu sajati anu kedah dicöntoh ku urang sadayana nu dina hakékatna urang téh jadi pamingpin diri sorangan.
Terima Kasih telah mengklik blog ini
Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar