Jumat, 09 April 2010

Nadom agama

Ya arhama rohimio parijalal muslimin hé dzat nu welas asih leungitkeun susah muslim ya robana ya karim ya robana ya rohim antal jawadul karim wa antania mal mu'amin

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Nadom gambaran di akhérat

Masa alloh matak kelar diakhérat gusti gelar tina pakuburan ngencar karumpul di arah mahsar ari ngaran mahsar eta palataran anu rata panasna waktu harita panon poé tujuh nyata teu jauh tujuhannana kira sapal antarana narojo kabehannana kajalmi anu awan amalna

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Kapamingpinan nabi muhammad saw

Kapamingpinan rosululloh saw nya éta kapamingpinan nt dumasar kana tauhid, ditungtun ku wahyu, jeung dilatih dina kahirupan sapopoé. Kapamingpinan nu dipikacinta ku sahabat-sahabatna jeung dipikasèrab ku musuh-musuhna. Ciri-ciri kapamingpinan rosululloh saw lengkep pisan tur sampurna nu mibanda sipat keteladanan, istikomah, demokratis, bijaksana, jeung sabar. Sagala paripolah rosululloh saw dina kahirupan sapopoé pinuh ku rasa kakulawargaan, sopan santun, silih-asih nu ngahudangkeun rasa kataji pikeun para sahabatna kitu deui pikeun musuh-musuhna. Upami rosululloh saw dongkap ka hiji gempungao, rosul pasti ngucapkeun salam nu diwaler ku para sahabat bari ngararadeg. Kabiasaan kitu tèh ku rosululloh saw diwagel ku lantaran cara samodél kitu téh adat kabiasaan urang pérsia dina ngahormat pamingpinna. Saterasna rosul sasauran, " darajat jeung hak-hak anjeun sarua jeung kami, sarua mahluk alloh swt " rosululloh dioa mingpin umatna miboga sipat kuat nyekel kayakinan tur teguh dina pamadegan. Rosul dina ngada'wahkeun saréat islan tèh teu dipikaresep ku golongan musyrikin qurés pingpinan abu lahab. Manehna ngadatangn abu tolib sangkao ngolo alona pikeun ngeureunkeun da'wahna. Abu tholib nepikeuo naon-naön nu dipikahayang ku kaom musrikio kurès ka rösululloh saw, rosululloh saw ngawaler: "paman, upamana maranèhannana bisa nyimpen panon poé dina leungeun katuhu kami jeung bulan dina leungeun kénca kami, pasti kami moal eureun tina pancén suci, pasti kami moal eureun, nepi ka alloh swt méré bantuan ka kami atawa kami maot ku lantaran-Na" rosululloh saw lain pamingpin di kantor jeung otoritér, tapi mibanda sipat demokratis. Dina mutuskeun sagala perkara rosululloh saw sok ngamusyawarahkeun heula jeung para sahabatna. Dina perang badar rosululloh saw nempatkeun sabagian tentara di hiji tempat nu nurutkeuo pamadegan hubal al-anshari éta tèh salah, ku lantaran bisa ngarugikeun pihak islam. Hubal tumaros ka rosul " ya rosululloh nempatkeun tentara kitu téh dumasar kana wahyu antanapi heunteu?" Rosululloh ngawaler, "nempatkeun tentara kitu téh dumasar kana itungan kami soraogan." sarantos diwaler kitu tèh hubal al-anshari ngajéntrékeun kalemahan-kalemahana. Rosululloh saw nampi kana saran sahabatna, salajengna posisi tentara téh dirobah, naon-naon nu dicaritakeun diluhur mangrupa sabagian leutik tina ciri-ciri kapamingpinan rosululloh saw, jadi mèmang leres rosululloh pamingpin dimuka bumi ieu nu sajati anu kedah dicöntoh ku urang sadayana nu dina hakékatna urang téh jadi pamingpin diri sorangan.

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Babasan jeung paribasa

-atah anjang langka silih anjang -adigung adiguna sombong -ambek nyedek tanaga midek nafsu gedé tapi tanaga midek -anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain-lain -adat kakurung kuiga lampah goréng hésé lengitna -alak paul jauh pisan -aki aki tujuh mulud geus kolot pisan -asa teu beungeutan awahing ku èra -ant boraok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan mupuas kana nu keur cilaka -amis budi hadè paroman -aya jurig numpak kuda aya milik teu disangka -awéwé dulang tinandè awèwè nurutkeuo kahayang salaki -amis daging babari katerap panyakit -abong letah teu tulangan sagala dicaritakeun sanajan pikayeurieun batur -ari umur tunggang gunung angan-angan pecat sawéd ari umur geus kolot tapi kahayang jiga budak ngora

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Kamis, 08 April 2010

nadom 2

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Selasa, 06 April 2010

Kautamaan maca sholawat

Assalamu alaikum wr.Wb alhamdulillahi lladzi amarona annusholiya wa nusallima 'ala nabiyihi, asyhadu ala illa ha illalloh wahdahu la syarikalahu, wa asyhadu anna muhammadan abduhu wa rosuluhu alladzi ballagho risalatati. Ama ba'du qola llohu ala fi kitabihil karim wahuwa asdakul koilin ... Hadirin rohimakumulloh ari maos sholawat ka kanjeng nabi muhammad sa tèh kalebet nyuhunkeun kaberkahan ka gusti alloh, sareung ari maos sholawat tèh nyumponan piwarangan gusti alloh, sakumaha dina ayat al-qur'an: "saèstuna alloh katut malaikat-malaikat-Na ngucapkan sholawat ka nabi, yeuh jalma-jalma anu ariman ucapkeun ku aranjeun sholawat ka anjeun, jeung ucapkeun ku aranjeun salam ka anjeun kalawan saèstuna ( Qs.Al-ahzab:56 ) ngeunaan kautamian maos sholawat ka kanjeng nabi muhammad saw, anjeuna ngadawuh: "saha jalmh anu maca sholawat ka kami sakali, maka alloh maca sholawat ka èta jalma sapuluh kali" ( HR muslim ) "manusa anu paling utama mungguh kaula dina dinten qiyamat nyaèta anu pang seueurna maca sholawat ka kaula" ( tarjamah fiqih sunnah, jilid:4, halaman:305 ) hadirin anu mulya supados aosan sholawat janten amal solèh, janten wasilah taqorrub diri ka alloh, ogè ditampi ku gusti alloh, maka dina maos sholawatna kedah ngangge adab kasopanan, nyaèta ikhlas karana alloh, disarengan panghurmatan sareng kacintaan ka anjeuna (nabi saw) ku cara ngahadirkeun rasa agung sareng luhurna kadudukan anjeuna dihadapan gusti alloh, lahir sinareng batinna, di dunya sareng diakhèrat, anu moal ka pimilik ku saha baè ogé, anjeuna ngarupikeun sabab tina sagala ayana mahluk, cahaya tina sagala cahaya nu nyandak rohmat, maparin kango sadaya mahluk. Hadirin rohimakumulloh ku peryogi-peryogina maos sholawat ka kanjeng nabi muhammad saw. Dugika di pandang jalmi pangkoretna dimana-mana nguping disebat jenengan anjeuna tapi teu maos sholawat. Katampi ti abu dzar, rosululloh saw ngadawuh: "saestuna pangkoretna manusa, nyaeta jalmi anu disebat ngaran kaula disisi manéhna tapi éta jalma henteu maca sholawat" malihna upami dina hiji riungan jalmi-jalmi, tapi dina èta riungan henteu aya dzikir ka allnh sareng teu dibacakeun sholawat ka kanjeng nabi, maka èta riungan janten karugian dina dinten kiamat, upami gusti alloh ngersakeun, maka baris nyiksa, pami ngersakeun maka baris ngahapunten. Kitu numutkeun dawuhan rosululloh saw. Ku kituna dina kasempetan anu mulya ieu, sim kuring umajak, hayu urang pada nyeueurkeun maos sholawat ka kanjeng nabi muhammad saw. Sakadugana nohonan piwarang alloh swt. Ogè nohonan piwarang rosul-Na, malah mandar diangken ummatna anu kènging syafaat jaga dina dinteo kiamat. Muga-muga urang sadayana ditakdirkeun ku gusti alloh janten jalmi ahli maos sholawat ka kanjeung nabi muhammad saw. Amin hadirin rohimakumullog sakitu kapihatur mugia aya manfaatna. Billahi taofik wal hidayat 

 

 

assalamu alaikum wr.Wb

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Minggu, 04 April 2010

Nadom 1 - Nadom Gusti Urang

NADOM GUSTI URANG

gusti urang sarerea
kanjeng nabi anu mulya
muhammad jenenganana
arab quraisy bangsana

ramana sayid abdulloh
ibuna siti aminah
dilahirkeuna di mekah
wengi senen taun gajah

robiul awal bulanna
tanggal ka dua belasna
april bulan masehina
tanggal ka dua puluhna

ari bilangan taun na
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambahna
sareng sahiji punjulna

siti aminah minsaur
waktos babarna ka catur
ninggal cahya mani ngembur
di bumi-na hurung mancur

babar taya kokotoran
orok lir kenging nyipatan
soca lir kenging nyipatan
sarta harum sesengitan

medal nabi akhir zaman
pirang-pirang ka anehan
sesembahan bangsa setan
kabeh pada karuksakan

nabi yuswa lima bulan
tos tiasa angkat-angkatan
yuswana salapan bulan
geus capetang sasauran

yuswa na sapuluh bulan
tiasa ameng papanahan
ngèlèhkeun budak nu lian
tapi tara kumayunan

parangina kangjeng nabi
jatnika pinuh ku puji
pinter tur gede kawani
sareng nyaah ka sasami

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 



keur opat taun yuswana
di bersihan manahna
nabi di beulah dadana
malaikat nu meulahna

jibril kadua rencangna
mikail jenengannana
ngeusikeun kana manahna
elmu hikmah sapinuhna

tuluy kanjeng nabi
gancang di rapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeuri
di cap ku hotamin nabi

harita nabi ayana
dilembur ibu inangna
halimah jenenganana
sadiyah ngaran lemburna

rama nabi kacaturkeun
pupusna ka carioskeun
basa nabi dibabatkeun
dua sasih ka unggelkeun

keur lima taun yuswana
ditinggal pupus ibuna
tuluy dirawat éyangna
abdul mutholib asmana

kersana robul alamin
kanjeng nabi nu prihatin
yuswa dalapan taun yakin
éyangna mulih kabatin

sabada wapat éyangna
nabi di rawat uwana
abi tholib kakasihna
saderek teges ramana

kanjeng nabi sering pisan
di candak ka nagara syam
sok nyandak barang dagangan
didinya tèh pajeng pisan

kacatur di éta negri
loba pandeta yahudi
sarta pandeta nasroni
nu tepang jeung kanjeng nabi

sadayana sasauran
ieu jalma mo nyalahan
pinabieun akhir zaman
torét injil geus ngibaran

sipat nabi panganggeusan
aya di anjeuna pisan
harita loba nu iman
ka nabi ngangken panutan

lami-lami kanjeng nabi
disambat ku hiji istri
dagangka unggal negri
ka untungan na dibagi

yakni jenengan hodijah
putra huweaelid ka telah
nu pangbeungharna di mekah
ka nabi kalangkung nyaah

siti hodijah masrakeun
ka nabi barang dagangan
maesaroh anu ngarèncangan
ka nabi purah nyarengan

kacarios maésaroh téh
loba pamendakna anèh
ciciren nabi nu soléh
matak ngahérankeun kabéh

tatangkalan uluk salam
mega bodas sok mayungan
jeung aya cap ka nabi
dina salirana pisan

pamendak siti khodijah
cocok pisan maetakoh
akhirna siti khodijah
ka nabi mundut ditikah

harita yuswa nabi
salawe taun kawanti
ngadak-ngadak sugih mukti
tapi tambah sae ati

karesepna kanjeng nabi
ka gusti alloh ngabakti
di gunung hiro maranti
ibadahna saban wengi

didinya jol ka sumpingann
jibril anu nurunkeun Qur'an
kalawan dawuh pangeran
nabi didamel utusan

harita yuswa nabi
opat puluh kawanti
\diutus ku Alloh pasti
ngembarkeun agama suci

anu iman pang heulana
siti khodijah garwana
abu bakar anu kaduana
sohabat anu pang mulusna

murang kalih nono0man
anu pangheulana iman
sayidina ali pisan
ka nabi saderek misan

jeung ari jalma beulian
anu pangheula iman
sayidina bilal kaleresan
anu jadi tukang adzan

ari loloban pisan
ka nabi teh ngamusuhan
nganiaya ngajailan
teu aya pisan rasrasan

para shohabat kungsi ngalih
ka negri habsi nu tebih
didinya anjeuna linggih
kira kenging tilu sasih

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 



samulih shohabat ti habsi
kacarios kanjeng nabi
kenging cocobi pohara
kersana nu maha suci

uwana sareng garwana
pada pupus duanana
harita nabi yuswana
kaliuma puluh taunna

geus pupus siti khodijah
nikah ka siti saodah
sareng ka siti aisyah
umil mu'minin ka telah

tidinyah kersa pangeran
maparinan kamulyaan
ka nabi anu akhir zaman
kaksih anu sipat rohman

nuju tinggal tujuh likurna
bulan rajab anu kacatur
nurut dua anu mashur
kanjeng nabi teh disaur

dipapagku malaikat
nyandak buruok nu kasebat
leumpangna teh cra kilat
tunggangeun nabi angkat

ti mekah kam baitul makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma teu katawis
kersana gusti snu wacis

ti baitul makdis terasna
naek tangga kencana
mi'raj tea kasebatna
kalangit nabi sumpingna

tujuh langit sadayana
jeung aras anu pangluhurna
disumpingtan sadayana
katut surga narakana

kanjeung nabi ditimbalan
ku gusti nu sipat rohman
anjeuna kedah netepan
sholat muji kapangeran

kabeh jalma anu iman
sami pada kawajiban
aholat nu lima giliran
teu meunang dikurangann

sholat eta minangkana
nabi panutan
yuswa na teh kaleresan
lima puluh dua jalan

kafir mekah kacaturkeun
bareng nabi nyarioskeun
mi'raj dimulyakeun
anggur pada nyeungseurikeu7n

pada hasud ngakalkeun
tidinya alloh ngersakeun
kanjeng nabi di alihkeun
ka mdinah di sirnakeun

para sohabat pirang-pirang
nu bumela milu iyang
milu ngalih sewang-sewang
henteu piusan sumureang

tambah kamulyaan nabi
dimadinah asal sepi
jadi rame ku nu ngaji
ngaji kanu maha suci

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Kamis, 01 April 2010

pamuda pamingpin masa depan

REMAJA PAMIMPIN DIMASA DEPAN

Assalamu alaikum wr.wb

Hadirin rohimakumuloh..

Alhamdulillahi robil alamin wasolatu wasalamu ala asrofil anbiyail walmursalin wa ala alihi washohbihi ajmain ama ba'du..

langkung tipayun hayu urang sanggakeunpuja sinareung puji kahadirat Alloh Swt anu parantos masihan ka urang sadaya nikmat utaminanikmat imansareung nikmat islam, sholawat sinareng salam mugia di curah limpahkeun ka junjunan alam nyatana habibna Mauhammad Saw, ka kaluyargana, sohabatna utamina ka urang sadayana amiiiiiiiiiiiiiiin,,

hadirin rohimakumulloh!

Dina kasempatan ieu simkuring bade nyandak judul pidato remaja pemimpin dimasa depan. Masa muda nyaeta masa dimana terjadina parobahan fisik anu bisa ngakibatkeun kana pembebanan syariat, psikologis anu aya kaitannana jeung penyusunan jati diri sareung tuntunan social. Dimasa kiwari pamuda anu diharep-harep jadi panerus bangsa lolobana parantos rusak ahlakna kusabab kagoda ku kanikmatan dunya nu puguh-puguh dilarang ku agama saperti zina, mabok, sareung nu sanesna. Padahal Fitrah pamuda nyaeta neruskeun kapamarentahan generasi-generasai anu tos kolot ( tua ). Saperti katerangan “ syubanul yaumu rijalul ghod “ anu hartosna: pamuda poe ayeuna nyaeta paminpin dimasa depan. Alus gorengna pamimpin bangsa isuk , tergantung kumha pamuda ayeuna..

Jadi pamuda anu kumaha anu bisa jadi pamimpin di masa depan????????

Diantara cirri-cirina nyaeta

1. jalma anu Bertanggungjawab

Sabda rosululloh Saw:

Satiap diantara maraneh nyaeta pamimpin anu bakal dipertanggungjawabkeun , saurang imam nyaeta pamimpin anu bakal dipenta pertanggung jawabannana,……………… (HR Bukhori dan Muslim dari sahabat Abdullah ibnu Umar Ra).

2. jalma anu amanat

Seorang pamimpin kedah oge mibanda sifat tabligh ( menyampaikan )saperti rosululloh Saw. Maksudna nyaeta nyampaikeun kabeneran anu diturunkeun ku Alloh pikeun manusia ngaliwatan Rosululloh saw. Saperti anu dijelasskeun di al-qur’an :

“wahai rosul, Sampaikeun ku anjen naon anu diturunkeun ka anjeun ti pangeran anjeun, jeung upami anjeun teu ngalakukeun berarti anjeun teu nyampaikeun risalah-Na. Alloh ngakaga maneh tina bahaya manusa, saenyana Alloh teu mere patunjuk ka jalma-jalma anu kafir

إِنَّ اللَّهَ وَ مَلَئكتَهُ يُصلُّونَ عَلى النَّبىّ‏ِ يَأَيهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا صلُّوا عَلَيْهِ وَ سلِّمُوا تَسلِيماً

“Wahai Rasul, sampaikan apa yang telah diturunkan kepadamu dari Tuhanmu, dan jika kamu tidak melakukan berarti kamu tidak menyampaikan risalah-Nya. Allah menjagamu dari bahaya manusia, sesungguhnya Allah tidak memberi petunjuk kepada orang-orang yang kafir” QS. Al-maidah ayat 67 )

3.jalma anu beriman, ngerjakeun sholat jeung mayar zakat

Dijelaskeun dina surat al-maidah ayat 55 anu hartosna

“Saestuna teu aya deui pamimpin aranjeun lian Alloh, Rosul-Na, sareung jalma-jalma anu iman, ngerjakeun sholat sareung mayar zakat dina nalika ruku”

Sakitu kapihatur mugia aya manfaatna hapunten upami aya kaluputan sareng kalepatan, leresna ti Alloh lepatna ti sim kuring, Di pungkas ku Do’a

سبحان الله و بحمده سبحانك اللهم و بحمدك أشهد أن لا إله إلا أنت

أستغفرك و أتوب إليك

Assalamu alaikum Wr.wb

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)