Rabu, 15 Juli 2015

Boboran Shiam

"Nitih Wanci nu Mustari. Ninggang mangsa nu sampurna. Kedal lisan nu teu merenah. laku lampah nu teu nincak kana papagon agama. Tamplok Obrol nu teu raos., ucap basa nu teu merenah. Wireh bade Boboran shiam"
"Minnal aidin wal faidzin. Mohon Maaf lahir dan batin"
 
 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 


*Assalamualaikum wr wb*


Wening galih nu dipamrih....

Jembar manah nu di teda...

Rumaos seueur saur anu teu ka ukur....

Ucapkan anu pasalia....

Tingkah paripolah anu teu merenah....

Mugia ulah janten tunggul sirungan...

Catang supaan...

Bobot sapanon carang sapakan....

Neda agung cukup lumur....

Neda jembar hapuntenna....

Ka sadaya wargi wargi...

Sih hapunten lahir tumekaning batin


Ramadan tos ngagupayan

Hayu urang papag ku Hate sanubari Anu wening...

Leungitkeun bangbaluh kalbu  katut amarah....

Singlarkeun rereged tina sagala rupi Dosa perDosa an antawis HAQQUL ADAMI...


Hapunten samudaya kalepatan....

Tiluhur sausap rambut

Tihandap sahibas dampal🙏🙏🙏

*Sukma Dan Keluarga*


اللَّهُمَّ بَلِّغْنَا رَمَضَانَ


Ramadhan 1444 H





Assalamu'alaikum wr wbr,

Wening galih nu dipamrih,jembar manah nu diteda....

Rumaos seueur saur nu teu kaukur,tingkah polah nu teu merenah.....

Mugi ulah janten tunggul sirungan,catang

supaan.....

Sasih Ramadhan bade amitan,

Sasih Syawal tos ngagupayan....

Urang papag ku ati sanubari anu wening,singlarkeun bangbaluh kalbu sareng kareged manah....

Neda agung cukup lumur,neda jembar

pangampura......luhur saur bahe carek bobot pangayon timbang taraju

Hapunten samudaya kalepatan,lahir sinareng batin,ti luhur sausap rambut,ti handap sahibas dampal suku.

Wilujeng  mapag boboran syiam

Minal aidin wal faidzin....🙏🙏


Simkuring 

Andi Sukmayadi

sakulawargi

 

Senin, 25 Mei 2015

Puji anu opat


* Qodimun liqodimin
* Qodimun hadisin
* Hadisun liqodimin
* Hadisun lihadisin

hartosna:
* Puji Alloh ka mantenna
* Puji Alloh ka mahlukna
* Puji mahluk ka gustina
* Puji mahluk kabaturna

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Nadom - Tambana Ati

Tambana Ati

ari tambana ati eta lima perkarana

kahiji maca Qur'an hartina sing pertela

kadua kudu ngurangan kana barang dahar
supaya du'a dikabul ku Alloh Ta'ala

katilu ngalaksanakeun solat di waktu peuting
dua rokaat tahajjud anu salila-lila

anu kaopat sumerah diri ka gusti Alloh
rasa rumasa tumarima seueur kacela\

campur bawur jeung jalma soleh nu kalima
barengan haup roj ka Alloh Ta'ala

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Nadom - Pangkatna Ibadah

ari pangkatna ibadah eta opat perkara

kahiji badan dipake solat nu geus pertela

kadua ibadah roh, nyaeta ibadah hate
dina kaluar kajero kade ulah kasela

katili ati dina keur solat sing awas pisan
luareunana ulah basangkal bahula

kaopat ibadah sir, nyaeta jerona hati
ulah poho saeutik oge samawon lila

geura manahan ku sadayana ieu nadomna
jalan ngaketkeun salira ka Alloh Ta'ala

ibadah hate siru ibadah siri
nyatana kumpul dihiji daging anu pertela

pamugi ieu nadoman sing janten lantaran
hidayah tambah piitulung ti Alloh Ta'ala

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Nadom - Anu Ngabatalkeun Kana Wudhu

opat rupa ngabatalkeun kana wudu
coba bilang ku anjeun ulah kaliru

hiji nu kaluar tisalahsa hiji
kubul, dubur naon bae lian mani

kadua paantel kulit awewe
jeung lalaki diannana pada gede
batal sote antel jeung lain mahramna
sarta teu make hahalang antarana

katilu nyabak kubul dareng dubur
bangsa jalma kudampal leungeun dilagar

kaopat leungit akal sabab edan
sabab weureu, sare sakalor jeung ayan

anging jalma nu sare rapet bujurna
kana tempat diuk teu batal wuduna

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Nadom - Pardu Wudhu

pardu wudu aya genep sadayana
hiji niat kadua ngumbah beungeutna
tilu ngumbah leungeun dua jeung sikutna
opat ngusap saeutik tina sirahna
lima ngumbah suku dua nepi kana mumuncangan
tartib rukun ka genepna
 
 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Nadom 5 - Terasan Nadom Gusti Urang

he Alloh nu sipat rohman
abdi sadaya iman
teu aya deui pangeran
lian ti anjeunna pisan

nu ngadamel bumi alam
rawuh saeusina pisan
nu wajib diibadahan
taya anu nyasamian

sareng abdi iman deui
ka sidna Muhammad nabi
yen eta utusan gusti
miwulang sadaya jalmi

nu sipat kapercayaan
bijaksana tur budiman
bener unggal sasauran
najan saur kaheureuyan

ngatimbarkeun kangjeung Nabi teh
kajalma sadunya kabeh
dawuh pangeran nu soheh
nu wajib diturutna teh

hormat urang ka anjeunna
dina mangsa jumengna
sareng saba'da wapatna
eta teu aya bedana

duh gusti jungjunan abdi
sidna Muhammad habibi
pamugi salira nampi
kanu hina diri abdi

abdi umat ahir jaman
anu banget panasaran
hoyong tepang ngadeuheusan
seja tumut serah badan

diyaomil ahir pamugi
abdi sing janten ngahiji
sareng indung bapa abdi
ngiring gusti ka sawargi

wassalam

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Nadom 4 - Terasan Nadom Gusti Urang

urang kudu cinta ati
katurunan kangjeng nabi
poma ulah goreng ati
sumawonna hiri dengki

ari mungguh kangjeng nabi
nyaahna langkung ti misti
ka umatna jaler istri
leuwih ti sepuh pribadi

welas asih kanu miskin
sumawon ka budak yatim
pada seubeuh ku paparin
kadaharan jeung pisalin

akuan ka urang kampung
calik satata ngariung
tara angkuh jeung adigung
sanajan ka urang kampung (gunung)

kanu nyandang kasusahan
heuingjeung papatenan
ngalayad sarta nguburan
ngajajapkeun ka kuburan

manis saur, manis budi
estu ning tikaning jalmi
sajagat mo mendak deui
sarupi jeung parangi

rarayna bulan purnama
halisna lir katumbiri
waos lir inten biduri
salira harum wawangi

estuning kersa pangeran
lain seungit di minyakan
karinget pada nandean
diparake seuseungitan

sakitu nabi mulyana
taya pisan adigungna
angkat pungkureun sahabatna
kalangkung handap asorna

anggoanna kersa lumayan
najan nu geus ditambalan
kitu deui katuangan
banget pisan dikurangan

betah dina kamis kinaru
lain sabab teu kagungan
ngahaja bae ngiringan
ngarah karidoan tuhan

pirang-pirang mujijatna
tawis ka nabi amina
qur'an nu nomor hijina
mujijat nu pang mulyana

tangkal nu perang daunna
disiram tilas abdasna
ngadadak loba buahna
sarta hirup satuluyna

domba nu banget kutuna
sartana lepet susuna
siusap ku pananganna
ngadadak juuh susuna

sina hiji waktu deui
sahabat kakirangan cai
teras bae kangjeng nabi
mamaut cai anu kari

cai ngan ketel pisan
taya deui anu liyan
nabi neuleumkeun panangan
dumadak tuluy manceran

cai mancer loba pisan
kaluar tina  panangan
sela-sela ramo pisan
cukup ku jalma rebuan

kacatur hiji bedewi
ngadoja ka kangjeng nabi
nitah nyaur tangkal kai
sina ngomong cara jalmi

tuluy tangkal teh disaur
harita ku kangjeng rosul
tangkal datang ngagulusur
akarna teh gugusuran

ngadeuheus ka kangjeng nabi
uluk salam cara jalmi
sanggeus kitu balik deui
katempat asalna tadi

baduri teh ngan kantur heran
ningal eta kaanehan
tuluy bae asup islam
ka nabi ngangkeun panutan

salianna loba deui
mujijatna kangjeung nabi
mun diwincik hiji-hiji
keur nulisna moal mahi

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Nadom 3 - Terasan Nadom Gusti Urang

sapuluh tahun lamina
di Madinah jumenengna
agama Islam cahyana
gumebyar kamana-mana

Nagri mekkah diperangan
Ahirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan
Yakin lain jijieunan

Ari yuswa kangjeng Nabi
genep puluh tilu pasti
maqomna dijero nagri
madinah nagara suci

puputrana kangjeng Nabi
aya opat anu istri
Siti Jenab nu kahiji
Ruqayah nu hiji deui

Umi Kulsum ka tiluna
Siti Fatimah bungsuna
ari putra nu cikalna
Sidna Qosim kakasihna

Sidna Abdullah raina
Ibrohim nu katiluna
eta genep putrana
Siti khodizah Ibuna

Sidna Ibrohim Ibuna
Mariah jenengannana
Istri ti mesir asalna
tah kitu turunannana

putra nu pameget kabeh
pupus keur aralit keneh
nu istri caroge na teh
para sohabat nu soleh

siti jenab carogena
abu ....jenengannana
 siti ruqayah carogena
sidna utsman mimitina

geus siti ruqoyah hilang
anjeunna turun ka ranjang
Ummi Kultsum putri lanjang
ditikah gentos nu hilang

caroge Siti Patimah
sidna ali nu katelah
Barokallohu wajhah
anu kamashurkeun gagah

ari putu kangjeng Nabi
dalapan pameget istri
Siti umamah jeung ali
siti jenab kawarti

 ari sidna abdulloh mah
putu ai siti ruqayah
putu ai siti fatimah
aya lima kabehna mah

tilu amu pamegetna
sidna hasan kakasihna
sidna husen kaduana
sidana muhsin katiluna

ummi kultsun nu istrina
ka sidna umar nukahna
silna jenab kaduana
nurut unggeling wartosna

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Minggu, 24 Mei 2015

Padjajaran



بسم الله الرحمن الرحيم
Tuk timbul tuk tambul crat manunycrat
Mancur uloh mancur cahya ning Alloh
Walening batu batu nanggul luwang-liwung
Ya ingsun sang Ratu Panji Wulung
Nu calik di Pajajaran
 
 
 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Piwurukan Sangkuriang


Piwurukan Sangkuriang
بسم الله الرحمن الرحيم
Capa-cipi piceuceuban piwurungan
Sangkuriang ..kop  euy nyeupah
Kadé bisi kaciwit bakona
Bakona da bulu anjing
Kadé bisi ka ciwit seureuhna
Seureuhna da ceuli anjing
Kadé bisi kaciwit gambirna
Gambirna sasalak anjing
Kadé bisi kaciwit apuna
Apuna da polo anjing
Sia ijid sia jijih si geuleuh sia leuleub
Sia burung sia tong tulus
Burung sia ………….ku piwurungan
Sangkuriang
 
 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Pangwuruk Galuh



بسم الله الرحمن الرحيم
Sabulan sia ngaherang, dua bulan sia lumenggang, tilu bulan sia gumulung, opat bulan sia mang rupa, lima bulan sia usik, genep bulan sia malik, tujuh bulan sia nyoréang, dalapan bulan sia nyoréang katukang, salapan bulan sia digogokeun
Sia burung sia tong tulus 2x
Burung …………ku piwurungan
Sang ratu Galuh
 
 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 

 

Sabtu, 28 Maret 2015

Pupuh Raehan Maskumambang



Hé manusa mana kaniaya teuing
Teu aya ras-rasan
Kaula maké disumpit
Naha naon dosa kula

Taya pisan ras-rasan     2x

                       
Naha jalma osok nyiksa
Sok nyiksa mahluk gusti
Kalebet sato héwan
Tara nyaliksik kadiri

Naha jalma osok nyiksa mahluk gusti                       
Kalebet kahéwan                                           
Tara nyaliksik kadiri
Nyasar rasa ngéja badan                               

Kabéh mahluk ciptaan nu maha suci             
Kalebet sasatoan                                            
Pangpangna rasa kanyeri

Hayu urang ngaji rasa            

 

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)