Rabu, 14 Desember 2022

Carita Sakadang kuya jeung sakadang monyét

 

Sakadang kuya jeung sakadang monyét

Pengarang: NN

Dina hiji poé sakadang kuya keur néangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih nanaon. Ngahaeut ka tengan poé, manéhna manggih tangkal cau anu geus asak, tapi kumaha da teu bisa naék. Kulantaran kitu, tuluy manéna bébéja ka sakadang monyét., ménta tulung. Omongna “sakadang monyét, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakan kuring teu bisa naék, cing tulungan pangalakeun, engké paparoan”.

“hade”, témbal sakadang monyét. “dimana tangkalna sakadang kuya?”

Tuliy maranéhna arindit babarengan ka tempat tangkal cau téa. Sakadang monyét tuluy naék metikan cau hij-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang kuya mah teu dibéré sapotongpotong acan, atuh bari cumeplak wé neureuyan ciduh.

“sakadang monyét mana bagian uing? Kapan geus jangji rék paproan. “ceuk sakadang  kuya ngagorowok”

Tapi sakadang monyét teu maliré, jongjon baé metikan jeung ngadaharan, jeung kalahkah malédogan sakadang kuya ku cangkangna.

Sakadang kuya pohara nyeurieunanna, ngunek-ngunek haling males.

Dina hiji poé sakadang kuya indit ka kebon juru tani, ngala cabé nu geus arasak, warnana beureum. Ngala genep anu galedé, katembongna  bangun aramis pisan. Manéna indit nepungan sakadang monyét. Biwirna dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak-capé, cuplak-ceplak, cara nu geus dahar ngeunah.

Ditanya ku sakadang monyét., “sakadang kuya, manéh téh keur ngadahar naon? Cik urang ménta !

Témbal sakadang kuya “ah, ulah ngaganggu, uing téh keur ngeunahngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakara uing mah barang dahar nikmat kieu”

Cik ngasaan saeutik, uing lapar pisan. “ sakadang monyétlumah-laméh ménta ngarah dipikarunya.

Keur naon make mere ka manéh, kapan baréto gé mane teu mere cau ka kami, padahal éta téh milik kami?”

Hampura baé atuh anu enggeus-enggeus mah !. sing karunya ka uing ku haying ngasaan buah loa paparin Déwata.

“nya ari maksa-maksa teuing mahkop baé, tuh cokot cokot deukeut tangkal caringin itu! Tapi ulah dibéakeun kabéh, sésakeun keur kami saparona!.

Sakadang monyét pihara atoheun réana, gancang lumpat rék nyokot boal loa paparin Déwata téa. Lantaran tabéatna hawek jeung sarakah manéhna embung nyésakeun. Kabéh dibawa lumpat, ditengah jalan raus-raus baé didahar., nepi ka beak…..aduh lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.

 

Sakadang kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri haténa baréto.

 

 

Terima Kasih telah mengklik blog ini

Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)

 


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar