SAWÉR PANGANTEN
1. Bismillah damel wiwitan. Mugi gusti nangtayungan. Eulis-Asép nu réndéngan. Mugia kasalametan
2. Salamet nu angantén ulah aya kakirangan sing tiasa sasarengan sangkan jadi kasenangan
3. Sing senang laki rabina. Nu diwuruk pangpayunna. Nyaéta bade istrina . masing dugi ka hartina
4. Hartikeun eulis ayeuna. Lebetkeun kana manahna. Manawi aya gunana. Nu dipamrih mangpaatna
5. Mangppaatna lahir batin. Eulis téh masing prihatin. Ayeuna aya nu mingpin. Ka carogé masing tigin
6. Tigin eulis kumawula. Ka raka ulah bahula. Bisi raka meunang bahla. Kudu bisa silih béla
7. Silih béla jeung carogé. Ulah ngan pelesir baé. Mending ogé boga gawé. Ngarah raih unggal poé
8. Répéh rapih nu saimah. Rumah tangga tumaninah. Tapi lamun loba salah. Laki rabi moal genah
9. Bisi teu genah ku raka. Rak baé wakca balaka. Lamun raka goréng sangka. Buru bawa suka-suka
10. Suka-suka ti ayeuna. Da eulis atos laksana. Ngajodo anu samppurna. Ngahiji salalamina
11. Salamina sareng dulur. Eulis kudu bisa akur. Akuran ka unggal lembur. Sangkan jadi buah catur
12. Mun catur sing seueur bukur. Ulah ngan kalah ka saur. Nasuna ulah takabur. Hiru resep loba batur
13. Sareng batur kudu jujur. Layeut reujeung nu sakasur. Runtut rautsalelembur. Nagara gé subur ma’mur
14. Subur m’amur sauyunan. Mun aya tamu payunan tapi ulah timburuan. Boh bilih silih benduan
15. Ngabenduan ka carogé. Ngan ulah paséa baé. Énggal atuh geura hade. Ambéh geugeut saban poé
16. Saban poé ulah lali. Titik rintih suci ati. Témbongkeun sing bear budi. Ciri nyaah kasalaki
17. Lalaki mun sok nyandung. Omat ulah waka pundung. Komo lamun bari bingung. Keun antep sina ngaberung
18. Ngaberung tong dihalanngan. Asal cukup sandang pangan. Sina lilir ku sorangan. Sangkan panggih kasenangan
19. Senangkeun eulis pikiran. Pikiran didadasaran. Tukuh muntang ka pangéran. Supaya meunang ganjaran
20. Ganjaran ti Maha Suci. Éngal atuh geura tampi. Ayeuna eulis ngahiji. Sakapeurih sakanyeri
21. Sakanyeri jeung salaki. Mun eulis seueur rejeki. Poma ulah sok kumaki. Masing tumut ka salaki
22. Tumutkeun eulis ayeuna. Ayeuna tos laksana. Laksana dating jodona. Hate bangblas lalugina
23. Lugina dunya akhérat. Gusti maparinan rahmat. Kana waktu ulah telat. Disarengan silih hormat
24. Sing hormat ka sasama. Sing nyaah ka ibu rama. Lakokan paréntah agama. Tangtuna hirup sugema
25. Sugema hirup didunya. Nyaéta kudu tatanya. Rék nanya pék kanu enya. Bandanna buru ditanya
26. Tanya baé ku haténa. Tah éta pikeun saksina. Saksi diri pribadina. Nu tara jalir jangjina
27. Mun jangji nu nagajadi. Éta jangji anu pasti. Pasti jodo ti ajali. Pikiran céngéng ka Gusti
28. Gusti mah teu weleh nyaksi. Nyaksi gretesna ati. Ucap lampahna kasaksi. Satincak-tincakna ngarti
29. Hartikeun masing karaos. Ulah luas-luis léos. Sumawonna poporongos. Pilari jalan nu raos
30. Raoskeun jaga ku eulis. Eulis ulah sok gumeulis. Najan geulis baris ledis. Ninggang mangsa titis tulis
31. Titis tulis bagja diri. Patokan nu ti ajali. Kajeun jiga widadari. Da moal beuang di beuli
32. Dibeuli ku harta banda. Da moal bisa kajaga. Nu tangtu bakal ngaduda. Nyicingan dialam baka
33. Alam baka kalanggengan. Langgeng arasa ka Pangéran. Supaya ulah rayungan. Ngabogaan papacangan
34. Boga rasa kudu ngarti. Tata titi surti ati. Kudu silih beuli ati. Pikiran dadamel Gusti
35. Gusti ALloh nu kawasa. Ngayakeun dunya tiasa. Pepek eusi dunya rosa. Sayagi pikeun manusa
36. Manusa mahluk punjulna. Palinter pangabisana. Ngakalan eusi dunyana. Nu kantun tumarimana
37. Tumarimana ka Pangéran. Tumutkeun kana dawuhan. Qur’an hadits tuduh jalan. Ti para Nabi panutan
38. Panutan urang sadaya. Poma ulah rék cangcaya. Sadaya kudu percaya. Ka Gusti Alloh nu Mulya
39. Mulyana nu Maha Agung. Sing saha baé ditulung. Kubumi lam dijungjung. Nyaahna kaliwat langkung
40. Nyaah baé nu Kawasa. Ka masing-masing manusa. Ulah dir gagah perkosa. Bisi urang loba dosa
41. Dosa mah ti pada jalmi. Welas asih ka sasami. Micinta ka lemah cai. Layeut jeung batur sabumi
42. Sing layeut laki rabina. Ulah aya kuciwana. Silih anteur kahayangna. Akur reujeung barayana
43. Mun akur kasadayana. Témbongkeun budi basana. Nu bener tingkah polahna. Supaya hirup sampurna
44. Sampurna euis ayuena. Yap kadieu pamegetna. Bapa kadé ngawurukna. Diregepkeun ku asépna
45. Regekepkeun téh ku haténa. Bapa mépélinganana. Tadina Asép ngaduda. Ayeuna mah gaduh garwa
46. Sareng garwa kedah layeut. Sing rapet sacara leugeut. Poma ulah piker heureut. Sangkan silih pikameumeut
47. Mikameumeut sareng bojo. Laksana Asép ngajodo. Tapi lamun nagbobodo. Bojo moal mikasono
48. Mun sono Asép ka istri. Sing pageuh saperti patri. Campur gaul sareng santri. Kalayan ati nu suci
49. Nu suci pasti beresih. Tara aya nu dipamrih. Ka bojo teu weléh asih. Sagala sareng pamilih
50. Pilih ku Asép ayeuna. Nya pék Tanya ku haténa. Nu goréng jeung nu hadean. Sing karasa kudirina
51. Diri pangasih Gustina. Gusti mah moal nyiksana. ,oal bade ngaganjarna. Kumaha waé amalna
52. Amal hade tangtu genah. Laki rabi tumaninah. Lamun amal nu salah. Jaga baris nyorang susah
53. Smusah lamu teu ngarobah. Nu ngajak ngarah ngarinah. Napsu nu mawa sarakah. Pék atuh paké ibadah
54. Mun ibadah anu tangtu. Bagikeun kanu pihatu. Mikeuna tong ragu-ragu. Bilih istri janten bendu
55. Bendu istri Asép bingung. Ulah sok waka ditundung. Lamun istri terus pundung. Pangmésérkeu geulang kalung
56. Geulang kalung serba saé. Énggal atuh geura anggé. Dianggéna saban poé. Nu kantun pelesir baé
57. Pelesir eulis ka kota. Tah bawa duit sajuta. Mun aya kahayang ménta. Tapi ulah lahuta
58. Lahuta aya kahayang. Nyariosna ngagorolang. Nu bakal moal kasorang. Piker anu mawa bingbang
59. Bingbang bongan sok sulaya. Mikayang anu teu aya. Akhirna pakia-kia. Ngajauhan ka baraya
60. Baraya lamun ngahiji. Éta langkung utami. Hubungan anu sajati. Ngariung sapara wargi
61. Wargi Asép sadayana. Sakitu mikadeudeuhna. Barungah dina manahna. Nu janten ibu ramana
62. Ibu rama ngiring dunga. Asép ngagaduhan garwa. Istrina lamun satia. Hiji baé tong ngadua
63. Ngadua gaduh istrina. Moal bérés salamina. Pakucrut rumah tanggana. Mun teu cocog jeung agama
64. Éra atuh ku tatangga. Sapopoé ngan paséa. Ku istri dipikangéwa. Ku tatangga diléléwa
65. Lamun boga harta banda. Sing kuat nahan gogoda. Bisi kagoda ku randa. Piker heula jero dada
66. Pikir Asép sing waspada. Supaya teu nagarasula. Mun keukeuh pikir midua. Akibat jadi paséa
67. Paséa jeung pamajikan. Napsu sétan barangasan. Teu ngajadi kauntungan. Tetep dina karugian
68. Rugi lamun ngumbar napsu. Napsu pangajar nu palsu. Ngaranjing ngajadi asu. Nu tangtu badan kalangsu
69. Kalangsu bongan sorangan. Osok daék ririungan. Mimitina heuheureuyan. Dina tempat pamaénan
70. Maén dadu maén kartu. Éléh meunang tacan tangtu. Mun meunang udud sarutu. Mun éléh ngobral sapatu
71. Ngobral barang kawalahan. Harta banda dijualan. Di imah awut-awutan. Lebur ancur bébéakan
72. Béak duit dipikiran. Éléh maén kawalahan. Tapi keukeuh panasaran. Napsu teu beunang ditahan
73. Ditahan henteu katahan. Dipikir terus-terusan. Data anpsu panasbaran. Svtan iblis ngadeukeutan
74. Sétan nu ngajak jarambah. Nu mawa kana sarakah. Dipaké kana awuntah. Disorang napsu nu runcah
75. Runcahna antep-antepan. Teu ngarérét réréncangan. Cicing dina palacuran. Teu inget ka pamajikan
76. Pamajikan teu dirérét. Duit metet dina dompét. Tapi mere kékéréhét. Ku tarik-tarikna pellet
77. Ka pellet ku pamakéna. Pabeulit pikirannana. Teu karasa ku dirina. Diumbar waé napsuna
78. Napsuna mangprung ngaberung. Teu aya anu dirarung. Miboga raasa adigung. Tuntungna ripuh jeung bingung
79. Bingung bongan osok salah. Teu bisa nahan amarah. Jangji kabatur sok gaplah. Teu inget kana papatah
80. Papatah ti para sepuh. Ulah boga rasa angkuh. Mun jangji kudu sing tukuh. Ucap lampah masing ampuh
81. Masing ampuh ti ayeuna. Sing bisa mawa hirupna. Jauhkeun napsu goréngna. Deukeutkeun napsu hadean
82. Dededeuh teuing putra ibu. Omat tong ngalajur napsu. Ulah maén lacur ngadu. Mun bener nyaah ka ibu
83. Nyaah dedeuh mikasono. Ciri pola kanggo conto. Mangka hade ulah poho. Bojo téh bawa lalajo
84. Lalajo bari pelesir. Tingali sisi basisir. Sugan awas tina pasir. Alam dunya geura taksir
85. Geura taksir pangaturan. Dadamelanna Pangéran. Aya gedong matak héran. Luhur pageuh nanakéran
86. Teu ngaruag teu ngariek. Sakitu eusi uyek. Pirang-pirang nu ngaleyek. Tapi hanteu ngarempeyek
87. Ya Alloh anu ngayuga. Ieu alam ngan nyalira. Bumi langit gé tohaga. Eusina mani pohara
88. Eusi dunya warna-warna. Cahaya panon poéna. Sato tatangkalanana. Cawisan keur manusana
89. Manusa maruji syukur. Ka Gusti Alloh nu ngatur. Pangantén sing subur ma’mur. Kalayan hirupna jujur
90. Masing jujur sahaluan. Ayeuna asép duaan. Ulah aya pacéngkadan. Sing bisa silih bélaan
91. Béla pati jiwa raga. Dunya katut ahératna. Ku asép kudu dijaga. Sangkan eulis gumbirana
92. Gumbira nu panganténan. Papatah tamba lumayan. Ku eulis asép lenyepan. Nyawérna téréh wekasan
93. Nyawér tér turun tumurun. Tuturunan ti karuhun. Pamugi ulah dikantun. Sawér turun hatur nuhun
94. Sawér hartina panggeuing. Papatah geura ngararing. Dangding bari ngahariring. Pépéling masing aréling
95. Aréling urang sadaya. Ka Gusti Alloh nu Mulya. Ulah aya panca bahya. Sadaya mugi waluya
96. Waluya para wargina. Rawuh para panganténna. Gumuruh rasa batinna. Caang hate ka Gustina
97. Gusti abdi muji nuhun. Ngumbara mangtaun-taun. Ku bumi alam dilahun. Ni’mat kateda kasuhun
98. Duh Gusti nu langkung héman. Mugi sadaya sing iman. Nya netepan kaislaman. Mugi maot mawa imat
99. Bapa nyawér téh parantos. Mung kantun bade wawartos. Ka ondangan nu ngarantos. Mugi sami pada ngartos
100. Pada ngartos sadayana. Nu dicarioskeunana. Lebetkeun kana manahna. Naropong jalan sampurna
http://sundaneseethniccanszz.blogspot.com/2012/12/contoh-teks-sawer-panganten.html
SAWÉR PANGANTÉN SUNAT 1
Bismillah damel wiwitan mugi Gusti nangtayungan.
Kaujang nu digusaran mugia kasalametan
Nu asih di dunyana nu nyaah di ahératna ti ka adi-adina
Sareng ka kanca-kancana
Ampun amit ampun kanu kagungan lembur
Amit kanu kagungan bumi
Tabé kanu kagungan balé
Map ka juragan anu calik jadi candoli
Neda AGung nya paralun, neda jembar pangampura
Kaluhur kasunan ibu, kahandap kasunan rama
Rarépéh putra putri, kuring rék ngawuruk,
Diwuruk mah kedah jeung santri,
Catet najero ati sangkan ujang ngarti
Apa bade mapatahan enjing bade digusaran
Kadé lulumpatan bilih jadi pasendatan
Mun panyecep meunang loba tong di paké balaba
Paké meuli anak domba sangkan duit tambah loba
Tangtos jadi modal panjang kanggo pibekeleun ujang
Mun tos jadi bujang pék pésérkeun kana sinjang
Teu aya deui ngan kapaur inggis jadi pagiwur
Jeung batur jeung dulur kudu akur
Jeung kudu daék istiar
Aral kuring pék petotkeun
……………………………………………………………..
Nyawér kuring geuning geus cape
Ongkoh lamun papanjangan sok isin kunu ondangan
Tutut gunung kéong reuma
Smumangga gék calik
SAWÉR PANGANTÉN SUNAT 2
1. Beu kasép anu kauatan. Hidep atos disepitan. Teu aya kamadorotan. Bapa téh lain teu watir. Asép raheut nyeri nyengir. Ku Asép meureun kapikir
2. Lain ukur kagaliban. Tapi misti kawajiban. Kaislaman nu ngauban. Ujang téh keur cacarakan. Korban getih nu nyakclakan. Ridona sing bébéakan
3. Nya rido kanu Agung. Poma pikir ulah bingung. Boh bilih temahna bingung. Baring supagina gering. Kawas ayeuna anaking. Bet henteu sapira geuning
4. Ujang téh tos korban getih. Jaga mah bet leuwih-leuwih. Dimana manggih kasedih. Hate téh masing beresih. Tinangtu loba nu asih. Répéh-rapih silih asih
5. Korban getih enggeusna. Jaga mah korban ku harta. Ulah sok dipépénta. Pakir miskin bagi rata. Mangkadé dibéda-béda. Bisina jadi gogoda
6. Ti ayeuna kudu wekel. Nyiar kaweruh sing kekel. Sagala cabak parigih. Ilmu agama darigama. Pangjurungna ibu rama. Pacuan salah tarima
7. Kahadé kagémbang goda. Temahna ngabarobeda. Si goréng minuhan dada. Maparinan dua jalan. Kahadéan kasauran
8. Mun mapay jalan nu salah. Pinanggih jeung la’nat Alloh. Nu matak ulah balangah. Mun mapay jalan nu bener. Pikiran tinangtu teger. Hasilna salamet seger
9. Seger pikir mawa janglar. Keker henteu gampang udar. Gumelarna manusa anu jembar. Sing saha nu Maha suci ati. Kakasih nu Maha Suci. Diasih baé ku gusti
10. Pangna ujang disepitan. Hartina téh dituduhan. Tuduhan hiji jalan. Rama téh nuduhkeun Islam. Ku ujang kedu kapaham. Sarta kudu dilampahan
11. Geuning disusnatan nyeri. Henteu ngeunah henteu nyari. Napsu mah teu pati beuki. Kapaksa bakti ka Gusti. Da kitu tungtunan Nabi. Ibadah masing gumati
12. Tah kitu kapalay sepuh. Sakabéh ogé pituduh. Lain jalan-jalan henteu puguh. Tong was-was tong asa-asa. Nya nyembah ka nu Kawasa. Lakonan sabisa-bisa
13. Cangkurileung, cangkurileung, cangkurileung. Eunteup dina dahan cabé.apa melang ka si Encep. Téh apa melang. Nineung soteéh nyawér téh sakitu baé
14. Nyieun panggung nutup sumur. Asupna tina gapura. Neda agung cukup lumur. Neda jembar pangampura
15. Gapura di Malangnengah. Ngaliwat bade ka imah. Hampura ka nu lalenggah. Mugia rarido manah
http://kandagasawer.blogspot.com/2010/06/upacara-khitanan-dan-gusaran.html
SAWÉR PANGANTÉN SUNAT 3
Kasép ieu téh piwejang, poma tengetkeun ku ujang, masing éling sapapanjang, awon ulah katarajang.
Sing emut waktu dikandung, di guha garba nyalindung, salapan bulan dikandung, dirajang ku lagu kidung.
Sabulan eukeur ngahérang, tilu bulan geus sampurna, genep bulan geus mangrupa, tujuh bulan hidep usik.
Nitih bali nincak jadi, nepi kasalapan bulan, nya gubrag hidep ka dunya, Sang Ratu Guyubud putih.
Ibu anu kahéséan, sabab boga kalakuan, jadi ibu katempuhan, malah rajeun kasusahan.
Peuting ibu loba nyaring, sabab ujang sok ngarungsing, duh poma teuing anaking, kanyaan ka ibu cangking.
Mun ujang kulem tibeurang, ibu tara betah nganjang, ku sabab ka ujang melang, ujang ka ibu sing nalang.
Terima Kasih telah mengklik blog ini
Jika berkenan scan barqode dibawah ini sebagai apresiasi bagi penulis :-)